Esay Sunda: "Aya Lini...Lini...Lini"

Notification

×

Iklan

Iklan

Esay Sunda: "Aya Lini...Lini...Lini"

Sabtu, 31 Oktober 2020 | 08:46 WIB Last Updated 2022-09-09T01:43:05Z


Ieu minangka postingan blog kuring taun 2010. Geus lila oge braderr. Asa era baheula mah geuning basa Sunda kuring teh acakadol. Cawokah deuih Hahaha! Mangga diaos pangalaman kuring basa aya lini keur mangsa kuliah.

 

Kakara oge ngerejep...jam 14.55 WIB warga di CIpadung, kamari poe Rebo, ngagarorowok....Lini...Lini....Lini....Antukna kuring ngulisik...bari ngagisik manon. Teu make aba-aba geuwat-geuwat kuring ka luar ti kontrakan, nu tembokna kabeneran bareulah. 

 
"Hahahahaha", eta sora ki Dasam. Lucu meurenan ningal kula belek keneh ku cileuh. buuk awut-awutan. nyeker teu make sendal. untung we masih make calana. Teu kawas baheula mun rek sare teh, sok teu make calana panjang. ceukap ku kolor mengbal.

ayeuna korban gempa teh, cenah kurang leuwih 34 urang, can anu luka gores, can anu luka batin alatan reuwas, can oge luka infrastrukur sabab loba wangunan anu raruntuh. pokokna lini pas poe Rebo "Bikin gue shock gitu".

Imah warga anu pasigrong-sigrong, bisa ancur ku gempa kur sababaraha detik. Ceuk urang Tasikmlaya mah, gempa ayeuna teh kawas keur kiamat wae. Ah..., meni reuwas kana ati sinabari. Rek mandi paur runtuh. rek ee alias buang hajat oge sami mawon. masih keneh inggis ku risi rempan ku sugan. Inggis katinggang kenteng jeung beton. risi ku sugan, kuring teu bisa nyalametkeun diri. Komo deui, pan, kuring teh acan kawin. hehe

Dina tetembong elmu jiwa (psikologi), wajar cenah mun jalma sieun tur reuwas ku hiji bencana. Eta tandana jalma teh normal surormal alias sehat jiwana. Da, jalma nu gelo mah moal sieun ku paeh. Si "Bob Marley" di kampus UIN Bandung, contona, kalakah hare-hare basa lini ngagoyang Bandung. Siga digoyang ku Inul Darastita, meureunan. Hahaha

Keur ngaredam rasa kasieun eta, urang salaku warga Jabar dina struktur topografina rentan gempa, kudu tatan-tatan jeung taki-taki. Waspada, latihan lumpat ka tempat anu sakirana moal kaurugan wangunan anu rubuh. Terus, ka warga di kampung oge, sok tetep pertahankeun buruan anu luas dihareupeun imah. Kolot baheula ngieun buruan diimah teh, meureunan, keur nyalametkeun diri tina endog lini. Dina istilah sunda modern, buruan teh bisa diartikeun ka ruang publik. Tiap Rt atawa Rw kudu nyieun ruang publik anu bebas tina wangunan ieu-itu. Ulah sagawayah lamun ngawangun kota teh, juragan?

"Biarpun rumah kecil, yang penting ada halaman untuk menyelamatkan diri"....sakitu tah ti kula mah. anu terkahir, urang sanggakeun ka sang hyang widi, pati, bagja, tur cilaka teh....! da bencana mah teu bisa diprediksi ku alat detektor teu kawas bom. Buktina, pan, pamarentah salah mrediksi basa aya gempa kamari, cenah bakal aya Tsunami. padahal, pan, meleset tah prediksi teh.