Khutbah Jumat: Cara Nganyahokeun Hate anu Cageur, Gering Jeung nu Paeh

Notification

×

Iklan

Iklan

Khutbah Jumat: Cara Nganyahokeun Hate anu Cageur, Gering Jeung nu Paeh

Jumat, 07 Juli 2023 | 10:08 WIB Last Updated 2023-07-07T04:28:35Z

 




NUBANDUNG.ID-Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh 


Sakumaha anu kauninga, hate jalma teh aya nu cageur, gering, kadang mah  paeh. Parahna deui, gering jeung paehna hate teu kanyahoan ku nu bogana. 


Eta akibat nu boga hate teu apal tanda-tanda cageur, gering jeung paehna hate. Maka hal eta, urang sadayana kedah terang kumaha ciri-ciri nalika hate sehat, gering atawa paeh?


Sateu acan kana ciri masing-masing, urang tingal heula dalil-dalil Al-Quran anu nunjukkan rupa-rupa kaayaan hate tadi. Sehatna hate ditunjukkeun ku ayat di handap ieu:


يَوْمَ لَا يَنْفَعُ مَالٌ وَلَا بَنُونَ ، إِلَّا مَنْ أَتَى اللَّهَ بِقَلْبٍ سَلِيمٍ


Hartosna, “(Nyaeta) dina poe dimana harta jeung anak-anak lalaki teu aya gunana, kacuali jalma-jalma anu mayun ka Alloh kalayan nyandak hate anu sehat (bersih),” (QS. Asy-Syu‘aro [26]: 88-89).


Baca salajengna Khutbah Jumat Basa Sunda : Cara Nganyahokeun Hate anu Cageur, Gering, Jung nu Paeh ku Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat nu medar di NU Jabar