Pesan Moderasi Beragama dalam Wewekas dan Ipat-Ipat Sunan Gunung Djati

Notification

×

Iklan

Iklan

Pesan Moderasi Beragama dalam Wewekas dan Ipat-Ipat Sunan Gunung Djati

Jumat, 09 Desember 2022 | 08:59 WIB Last Updated 2022-12-09T01:59:53Z



Oleh: Prof. Dr. H. Wawan Hernawan, M.Ag., Guru Besar Bidang Ilmu Sejarah Peradaban Islam UIN Bandung


NUBANDUNG.ID-Hasil panalungtikan tina wangun buku Sajarah Peteng: Sajarah Ranté Martabat Tembung Wali, hasil alih aksara sareng alih bahasa Mukhtar Zaedin saparakanca. Naskah asli dianggit dina aksara Arab Pegon bahasa Jawa Cirebon bihari, titelna: Sajarah Peteng: Sajarah Ranté Martabat Tembung Wali Tembung Carang Satus-Sajarah Ampél Rembesing Madu Pastika Padané. 


Jinis panalungtikan anu dianggé nyaéta kualitatif non-hipotetis kalawan tahapan-tahapan dina ugeran panalungtikan filologi, anu ngawengku: inventarisasi naskah, déskripsi naskah, transliterasi, tur tarjamahan.


Kecap pesen atanapi disebat oge amanat, numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), nyaéta: kahiji, paréntah, naséhat, paménta, anu ditepikeun ngalangkungan jalma lian; Kadua, pesen hartosna kecap panungtung (naséhat, wasiat) ti jalma anu sakedap deui perlaya. 


Kecap moderasi asalna tina basa Latén moderâtio, hartosna henteu kaleuleuwihi sareng henteu sarwa kurang. Lajeng kecap moderasi disandingkeun sareng kecap beragama, mibanda makna: sawangan, sikep, kalawan tingkah paripolah anu siger tengah, numuwuhkeun prinsip adil, saimbang, tur nanjeurkeun komitmen kabangsaan, sabar, anti pacengkadan, turta ngarumat budaya sorangan. Kecap wèwèkas hartosna pesen atanapi naséhat, sareng kecap ipat-ipat hartosna larangan atanapi hal-hal anu hamo ulah dipilampah, sabab bakal mawa balukar cilaka pikeun anu ngahaja migawéna. 



Kandjeng Sinuhun Sunan Gunung Djati ngalangkungan wèwèkas sareng ipat-ipat parantos ngawincik anu diimplik-implik dina pupuh Pangkur dangding kahiji tug dumugi keopat welas.


Unggelna kahartos, “Dina wanci manjing ka sore, di puncak Gunung Amparan Jati, kempel para wali, pangeran Panjunan, sarta durriyah Sunan Gunung Djati. Kandjeng Sinuhun ngadawuh: Ki lanceuk sakalih, neda panyaksén ti sadayana, yén kula seja wasiat pikeun sakumna katurunan kula: (1) Kudu hormat ka karuhun; (2) Kudu hormat ka kolot; (3) Kudu nyaah ka sasama; (4)  Haté kudu dipapaés ku pinuh rasa syukur; (5) Kudu sabar na ibadah; (6)  Kudu handap asor; (7) Kudu mibanda sifat (p. 28) pinuji; (8) Ulah ngukut kagoréngan; (9) Kudu mibanda pangaweruh nu alus; (10) Kudu bisa nyengker amarah; (11) Ulah resep padu jeung pabéntar paham; (12) Ulah goréng sangka kana hal anu can yakin; (13) Ulah ngabohong; (14) Ulah sulaya kana jangji; (15) Lamun aya bahaya kudu dipastikeun; (16) Kudu takwa ka Alloh; (20) Kudu hormat ka pusaka; (21) Kudu bener-bener jadi mukmin sajati; (22) Kudu ngamumulé sémah; (23) Raray kudu marahmay; (24) Salawasna kudu waspada; (25) Ulah sok neunggeul beungeut; (26) Ulah nginum saméméh hanaang; (27) Ulah dahar saméméh lapar; (28) Ulah saré saméméh tunduh; (38) Ulah nganyerikeun haté; (39) Ulah nganyerikeun hate mu'min; sareng (40) Upama aya anak incu kaula nganyerikeun haté jalma mu'min, ulah panjang umur. Sakitu. ”



Tina patang puluh wèwèkas sareng ipat-ipat Sunan Gunung Djati, saparantos ditalungtik tur disaliksik, ngawengku salawé wèwèkas sareng lima welas ipat-ipat. Eusina  7 naséhat ngeunaan sawangan, sikep, kalawan tingkah paripolah hubungan manusa ka Alloh (hablun min Allah), sareng 33 amanat ngeunaan sawangan, sikep, kalawan tingkah paripolah hubungan ka sasama (hablun min An-nas). Boh ngeunaan hablun min Allah, sumawona  hablun min An-nas, eusina kebek ku nasehat sangkan hirup aya dina siger tengah, moderasi beragama pingaraneunnana.



Moderasi beragama sanés ngamoderatkeun agama, da agama mah ti dituna parantos moderat. Moderasi beragama sanés alat pikeun ngadéétkeun agama, da déét rawuh jerona agama mah gumantung kana kaimanan sareng katakwaan séwang-séwangan. Malah moderasi beragama cumeluk ka sakumna warga bangsa sangkan ngabeungkeut kaimanan masing panceg, kukuh, tur kuat. 


Mung kahadé sabada mibanda iman anu panceg, kukuh, tur kuat.  Ulah udar tina pamadegan, sikep, kalawan tingkah paripolah anu siger tengah, numuwuhkeun prinsip adil, saimbang, nanjeurkeun komitmen kabangsaan, sabar, anti pacéngkadan, turta salawasna ngarumat budaya sorangan.




Ringkasan Orasi Ilmiah dalam acara Sidang Senat Terbuka Pengukuhan Guru Besar yang digelar secara luring dan disiarkan langsung melalui kanal Youtube UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Kamis (08/12/2022).