Sajak Sunda: "Muji Ka Gusti"

Notification

×

Iklan

Iklan

Sajak Sunda: "Muji Ka Gusti"

Sabtu, 31 Oktober 2020 | 08:43 WIB Last Updated 2022-09-09T01:43:05Z


hariring nu matak ngatik diri
ti beh kulon hawar-hawar alon karunguna

gumujeng urang dusun ting serengeh
nalika amprok di tegalan sawah anu kacida leutikna

hibar matahari ti beulah wetan
matak muringkak tur ngagagas kawula
ku kanugrahan Gusti nu maha Suci

dudukuy lakeun jeung pacul di sangkeh
seja ngalarapkeun parentah

muji diri, ku ngalakonan pakasaban
pikeun maraban anak jeung pamajikan

sukur-sukur iasa mere maweh ka tatangga
di sisi di gigir anu teu walakaya ancrub dina
kahirupan.......!

duh Gusti ....kawula muji ka Andika
ngajalankeun parentah anging pikeun seren-sumerenkeun
panghareupan aya dina sagedengeun Anjeun
kumawula saumur hirup....anging ka
Anjeun Nu Maha Welas tur Maha Asih.....
 

2007

NB: Setiap tulisan (teks) ialah cermin dari isi kepalanya penulis. Dulu dan sekarang akan berbeda dalam menghasilkan kualitas karya.